Selasa, 18 Oktober 2011

Nu Nanyaan jeung Nu Ditanyaan

Dina acara ieu mah teu kudu aya protokol atawa pangatur acara husus, ari sababna, datangna semah oge kakara harita bari jeung pribumi oge can nyaho pasti, naon maksudna semah teh; kitu apan api-apina mah. Jeung anu haladir dina waktu eta mah tara pati loba, biasana salianti pribumi teh dulur-dulur nu lalandes jeung tatangga; da pribumi tara ngahaja ondang-ondang kanu jauh. Nu matak  dina der na teh, pribumi nanya ka semah naon nya pimaksudan pang datang teh, atuh semah ngajawab, ngadadarkeun pamaksadanana, bener eunteup seureuhna, pon kitu deui jawaban semah nya sok diwakilkeun kanu sok biasa nyarita dina kasempetan sarupa kitu, pikeun silih tempas gunem caturna teh.
Upama para tatamu geus cralik kalawan tartib, alusna teh pribumi, alusna teh pribumi gancang tumanya ka tatamu, entong waka nyodor-nyodorkeun susuguh. Ieu conto pokpokan pribumi anu di wakilkeun kanu sejen.
Entong deui ngucapkeun deui Assalaamualaikum, da geus aya dina riungan jeung salam mah apan tadi oge enggeus diucapkeun ku tatamu barang datang sarta ku urang geus diwalon ayeuna mah mimitian bae ku baca Basmallah jeung Hamdallah, kieu upamana:


PANANYA PRIBUMI KA TATAMU
Bismillahirrohmaanirrohiim,
Alhamdulillaahil ladzi an amana bi nimatil imani wal islam, Asyhadu an laa ilaaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadar rosuulullah.
Amma ba’du,
Simkuring kalayan asmana nu kagungan pribumi, Bapa miwah ibu.............nyanggakeun wilujeung sumping ka para tatamu sepuh-anom jeler –istri, anu parantos kersa rurumpaheun ka rorompok.
Salajengna simkuring nyuhunkeun sih hapunten ka para tatamu, boh bilih sarumping ka dieu teh ngaraos kirang sugema manah, wireh ku simkuring sakulawarga ditampi dina patempatan anu sarupi kieu kitu deui dina leresan panampian sim kuring ka para saderek sadayana, bilih kirang tata kirang titi, kirang duduga prayoga, kirang bemakramana. Sakali deui mugi saderek sadayana kersa ngahapunten.
Sim kuring sakulawarga dina danget ayeuna ngaraos teu kinten bagjana, ada kenging nugraha ageung ti  Gusti  Nu Maha Suci, wireh saderek sadayana parantos mintonkeun kawening galih kasetraan manah, ku kaleresana ngadorongdon ka dieu,  kersa ngantengkeun tali mimitran antawis sim kuring sakulawarga. Sim kuring mung tiasa ngucap Alhamdulillah wa syukurillah, mugi-mugi kaayaan kieu teh sing langgeng sing abadi.
Wirehing, dina salebeting simkuring sakulawarga ngaraos bagja kenging nugraha anu sakieu ageungna teh dina hate bet ngaraos asa kaselapan rasa kaget sareng rareuwas jeung panasaran. Kaget wireh tara-tara ti sasari para saderek kersa rurumpaheun ka dieu, kantena janten nimbulkeun kapanasaran ka sim kuring sakulawarga. Margi luang lumrahna tatamu cadu cunduk tambuh maksud, tara dongkap tanpa seja, pahing sumping  sepi pamrih. Ilaharna tatamu mah mun cunduk sok ngemu maksud, dongkapna teh aya seja, sumppingna rek nyungsi pamrih.
Kumargi kitu, supados henteu jadi kekeling kana ati poekeun kana hate simkuring sakulawarga, disuhunkeun sih citeresna, keresa ngadadarkeun naon nya pamaksadan.
Kitu rupina, ayeuna mah mangga nyanggakeun ka pihak tatamu.
Ditempas (diwaler) ku wawakil pihak tatamu;
Tatamu oge entong ngucapkeun deui salam, da apan tadi oge barang datang enggeus, ayeuna mah langsung bae maca basmallah jeung hamdallah.
JAWABAN TATAMU KA PRIBUMI
Bismillahirrohmaanirrohiim
Alhamdulillaahil ladzi an amana bi nimatil imani wal islam, Asyhadu an laa ilaaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadar rosuulullah.
Amma ba’du,
Ngahaturkeun nuhun ka pribumi . Bapa miwah Ibu ........... sareng sadaya wargi di dieu, anu parantos rido galih nampi katatakuan ku simkuring sapara wargi. Sim kuring sadayana dugi ka dieu teh rumaos asa cologog pisan, rumaos kirang bemekrama, henteu nganggo duduga prayoga. Wireh sim kuring sapara wargi sajabi ti ngagaduhan maksad anjang sono teh sareng tina bakating ku aya kaperyogian. Ku kituna mugi para saderek di dieu ageung-ageung nya nawakup.
Kalihna ti eta bilih bae sim kuring anu parantos kapapancenan ngokolotan rombongan pihak kulawarga sim kuring, dina salebet sasanggem teh mawur.  Caturna rasag basana. Pondok nyogok panjang nyugak, teu nyusun tatabasana teu puguh eunteup seureuhna, kawantos sanes ahlina, mugi agung cukup luhur muga jembar hampurana. Sanaos kasbatna we sim kuring ngokolotan, da ari kanyataanna mah saukur kokolot begog. Estu mung wungkul kolot dina beuheung munding teh seleresna.
Tadi saderek sesepuh di pihak pribumi parantos tumaros, naon margina sim kuring sareng sapara wargi dumeuheus ka dieu. Ieu teh teu aya sanes, rehna ieu pun ..............(nyarita kitu teh bari nunjuk ku indung leungeun ka hiji kolot anu diuk gigireunana)gaduh seuweu pameget, nya ieu Jang/cep/den ........anu ayeuna-ayeuna beda rengkak benten semu. Sakapeung sok katingal ngalamun ngahurun balung, ari cengkat munggah luhlah jeung rumahuh; sejen mangsa resep midang jeung ngadingding di pirig ku ngawih hahariringan. Sihoreng simanahoreng aya malati nu manis jadi na ati, aya campaka nu endah mekar na rasanu mawi marudah jeung ngaguligah, perbawa rasa dirobedabiheung jeung boa malati teh biheung kapimilik diri, campaka teh boa moal kapibanda.
Ku jalaran kitu maksad sim kuring saparawargi teu aya sanes, pangna dumeuheus ka pangersa bapak miwah ibu ......teh ngawakilan Ujang/Aden/Encep ....bade tumaros, naha tuang putra Nyai/Eulis/Enden ...............parantos aya nu kagungan atanapi teu acan? Saupami teu acan aya nu ti sisi ti gigir, pasini di cai di geusan mandi, subaya di jalan pasampangan, kumaha upami bade disuhunkeun ku ieu Ujang/EncepAden .........? Maksadna bade ditikah dipigarwa, bade di damel jimat paripih, didamel rencang sauyunan pikeun paheuyeuk-heuyeuk leungeun, dina aya lara palanganana tiasa silih belaan, kitu oge manawi sapuk jinisna sareng rujuk sepuhna.
Kitu anu kadug ikeun ku sim kuring minangka wawakil sumanggem Ieu Ujang/Encep/Aden ......
Ditempas/diwalon ku wawakil  Pribumi.
JAWABAN PRIBUMI KA TATAMU TINA HAL PANG LAMARNA.
Alhamdulillah wa syukurillah
Para wargi anu sami hadir, estu teu di sangka sacongo rambut, dina dinten ieu sim kuring sakulawarga parantos kasinugrahan nampi rahmat anu teu kinten ageungna ti Gusti Nu Maha Suci, saparantos ngupingkeun kasauran sesepuh para saderek tatamu nembe. Raraosan teh teu benten ti asa kagunturan madu kaurugan menyan putih, karagragan benteng ti langit, wireh aya nu mundut, maksad mileuleuheungkeun pun anak Nyai ................ Budak balaha boloho taya kanyaho. Urang kampung bau lisung, buuk nyucung samping jangkung ceuk babasan tea mah naon araheun nana mung ukur waraheun wungkul. Parandene kitu, ari kangge sim kuring mah anu jadi kolotna, kana pamundut saderek teh teu aya bahan kangge nolak, bingah anu aya. Da ari nu jadi kolot mah mung sakadar sambung dua restu clik putih clak herang, caang bulan opat welas jalan gede sasapuan, teu aya geusan kuregkeg hate, aya nu mikapalay ka pun anak teu kinten laipna teh.
Namung dina leresan ieu sim kuring teu acan tiasa masihan kacindekan. Dupi margina, yaktos Nyi ..... teh kasebatna nuju leutik keneh mah anak sim kuring, namung ari parantos gede mah parantos janten sanak paripaosna, margi parantos ngagaduhan pamilih sorangan. Komo dina pajamanan ayeuna, lepat pisan kolot nu ngadu-ngadu atanapi ngareremokeun anak teh.  Kawantos barudak ayeuna mah parantos malotekar.  Parantos gaduh pamilih sorangan ari dina palebah jodo mah. Manasina jaman baheula, jaman tai kotok dilebuan jaman bedil sundut, atanapi jaman kuda ngegel beusi, ngajodokeun barudak teh kumaha kolotna bae;  barudakna mah teu apaleun-apaleun acan pisalakieun atanapi pipamajikanan teh. Harita mah dapon rujuk sepuh pada sepuh, winweh di karawinkeun.
Tah dina leresan ieu oge sim kuring nyuhunkeun sarantos bade naros heula pun anak, puruneun henteuna, supados dah bawang dah kapas, ulah mung ukur piraku jeung sageuy.
Cing Nyai Geulis, kadieu sakedap, bapak rek naros (goloyong budak awewe anu disaur teh nyampeurkeun, gek diuk gigireun bapana atawa gigireun wawakil tea. Emok tungkul semu eraeun, kawantun diriung ku sepuh ti pihak itu ieu, katut kulawargana) 

1 komentar: